5. tataan saha wae pahlawan nu asalna ti tatar sunda jeung tataan deuih naon wae jasa jasana.
Bahasa lain
fitria308
Pertanyaan
5. tataan saha wae pahlawan nu asalna ti tatar sunda jeung tataan deuih naon wae jasa jasana.
1 Jawaban
-
1. Jawaban faizahmihani
Pahlawan nu asalna ti Tatar Sunda jeung jasana di antarana:
- Dewi Sartika, ngamimitian sakola istri, nyaeta sakola khusus keur budak awewe.
- Ir. H. Djuanda Kartawijaya, nyusun Deklarasi Djuanda.
- KH Zainal Mustafa, mingpin parjoangan ngalawan Jepang.
- Raden Otto Iskandar Dinata, jadi rengrengan BPUPKI jeung PPKI.
- Raden Eddy Martadinata, nu ngamimitian Badan Keamanan Rakyat Laut.
Pembahasan
Urang guar sababaraha hiji pahlawan nu asalna ti Tatar Sunda jeung ngabogaan jasa dina raraga perjoangan Indonesia, di antarana nyaeta:
- Raden Dewi Sartika, kawit ti Cicalengka. Nya anjeunna nu ngamimitian sakola istri, nyaeta sakola khusus keur budak awewe.
- Ir. H. Djuanda Kartawijaya, kawit ti Tasikmalaya. Anjeunna rengrengan Muhammadiyah, oge nyusun Deklarasi Djuanda nu eusina negeskeun yen laut nu ayana di sabudeureun Indonesia kudu jadi wewengkon Indonesia.
- KH Zainal Mustafa, kawit ti Tasikmalaya, anjeunna nu mingpin pasantren Sukamanah Tasikmalaya, mingpin oge parjoangan ngalawan Jepang.
- Raden Otto Iskandar Dinata, anjeunna pisan nu jadi rengrengan BPUPKI jeung PPKI, jeung jadi mentri kabinet nu munggaran.
- Raden Eddy Martadinata, anjeunna nyaeta nahkoda Kapal Latih Dai 28 Sakura Maru, jeung nu ngamimitian Badan Keamanan Rakyat Laut.
Jasa pahlawan nu kasebut di luhur tohaga pisan keur Indonesia, urang salaku urang Sunda, umumna salaku urang Indonesia kudu nurutan lengkah aranjeuna dina raraga micinta jeung bela ka nagara.
Pelajari lebih lanjut
Ngeunaan pahlawan ti Tatar Sunda:
- https://brainly.co.id/tugas/13074281
- https://brainly.co.id/tugas/438683
- https://brainly.co.id/tugas/431312
Detail Jawaban
Kelas: 7
Mapel: Bahasa Sunda
Bab:
Kode: 7
#AyoBelajar