Sebutkeun 3 judul carpon jeung pangarangna!
B. Daerah
Icha8nstmemeli
Pertanyaan
Sebutkeun 3 judul carpon jeung pangarangna!
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Carpon atawa carita pondok nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta carpon jeung novel.
Saluyu jeung ngaranna, eusi carita anu aya dina carpon mah pondok. Carpon biasana bisa dibaca dina sakali mangsa. Carpon oge biasana miboga alur anu henteu rumit sabab biasana ngan museur kana hiji peristiwa atawa kajadian. Di handap ieu nyaeta 3 judul carpon Sunda jeung pangarangna:
1. Kang Sabri Leungiteun Kalangkang (anu ngarangna Mamat Sasmita)
2. Si Gatot (anu ngarangna Mamat Sasmita)
3. Girimis Teu Bae Raat (anu ngarangna Dian Hendrayana)