jieun 5 conto kalimah gaya basa ocon(metonimia)
B. Daerah
fitrihermayahfi
Pertanyaan
jieun 5 conto kalimah gaya basa ocon(metonimia)
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Gaya basa ocon nyaeta salahsahiji rupa gaya basa anu aya dina gaya basa lalandihan. Dina gaya basa laladihan aya dua rupa gaya basa, nyaeta gaya basa pideudeuh jeung gaya basa ocon. Anu dimaksud pideudeuh nyaeta ngalandi nyebut pedah mikalucu. Sedengkeun anu dimaksud ocon nyaeta ngalandi nyebut pikeun ngaheureuyan.
Gaya basa mangrupakeun cara pikeun ngajadikeun hiji karya sastra atawa tulisan jadi alus tur endah. Gaya basa, mamanis basa jeung purwakanti biasa dijadikeun alat pikeun ngalemeskeun atawa jadi mamanis hiji tulisan. Gaya basa oge sering digunakeun dina biantara.
Gaya basa ocon, dina ngagunakeunnana kudu ati-ati. Gaya basa ocon biasa digunakeun pikeun heureuy jeung jalma atawa babaturan anu geus akrab. Kukituna kalimah anu digunakeun dina kalimah gaya basa ocon nyaeta kalimah anu ngagunakan ragam basa kasar atawa loma (akrab). Di handap ieu lima conto kalimah gaya basa ocon:
1. Wayang Pangsisina (gede tapi taya gawe). Conto kalimahna "Maneh mah kalahka awak wae anu jangkung gede, tapi euweuh gawena pisan, siga wayang pangsisina"
2. Carangka Runtah (jelema anu resep kana sagala kadaharan naon wae, sagala bres). "Geus atuh maneh teh ulah barang dahar wae, eta sagala pisan didahar, siga carangka runtah)
3. Ujang Gembru (budak nu gendut). "Eta ujang gembru teh barangdahar wae, naha euweuh pisan kawareg"
4. Si Congcorang (jelema anu kacida awakna begang). "Jang Amir mah kacida awakna teh begang pisan, nepi ka babaturannana oge ngalandih si congcorang"
5. Bujangga Mikung (nu kakara diajar ngarang). "Biasa ari bujangga mikung mah rarasaannana teh asa geus jadi sastrawan anu geus kakoncara"